Senin, 08 Agustus 2016

Dekontruksi Dongeng Sangkuriang jeung Maling Kundang

Dekontruksi Dongeng Sangkuriang jeung Maling Kundang
Ku: Ari Karnanda
Kacaritakeun zaman baheula di hiji desa di tatar parahiyangan aya hiji kulawarga salaki pamajikan nyaѐta Kang Toyib – Dayang Sumbi, harita manѐhna boga anak lalaki ngan hiji-hijina, nu dibѐrѐ ngaran si Sangkuriang.

Kang Toyib bapana si Sangkuriang tѐh inidit rѐk neangan pagawѐan ka sabrang ka Palѐmbang. Tapi geus sapuluh taun lilana si Kang Toyib teu balik-balik ka imah. Pondok carita si Sangkuriang geus gede di titah ku indungna Dayang Sumbi pikeun nyusul bapana si Kang Toyib ka Palembang.

Barang nepi di Palembang, geus nѐang kaditu kadieu teu kapanggih waѐ ѐta si Kang Toyib tѐh, nu akhirna lainna panggih jeung bapana tapi kalahka panggih jeung jodona. Kacaritakeun si Sangkuriang menangkeun putri raja nu kacida bengharna. Sapuluh tahun tidinya, si Sangkuriang teu balik-balik ka imah da geus ngarasa merenah sarta naon nu dipikahayang bisa kacumponan. Harita Dayang Sumbi tѐh kesel geus nungguan sakitu lilana eweuh torojol waѐ balik, akhirna Dayang Sumbi indit nyusul si Sangkuriang ka Palembang.

Sanepina di Palembang Dayang Sumbi neangan si Sangkuriang, tatanya kaditu kadieu nu akhirna aya bѐja yѐn si Sangkuriang geus kawin jeung putri raja. Hiji mangsa si Sangkuriang inidit ka pasar manѐhna panggih jeung wanoja nu kacida geulisna, geulis nu kawanti-wanti nu matak narik kana ati, harita dina jero hatѐna si Sangkuriang “Duh ѐta wanoja meni kuatka geulis-geulis teuing, kuring kudu bisa menangkeun ѐta wanoja”, sanajan manѐhna geus boga pamajikan tapi teuing kunaon harita si Sangkuriang bet hayang menangkeun wanoja ѐta.

Caritana si Sangkuriang nyamperkeun ѐta wanoja, tuluy pok tѐh langsung ngomong yѐn manѐhna hayang ngawin ѐta wanoja, sihorѐng wanoja nu dipikahayang ku si Sangkuriang tѐh indungna sorangan, Dayang Sumbi nu awѐt ngora kusabab manѐhna geus pernah ngadahar daging si Tumang, jadi sanajan geus kolot gѐ angger ragana mah ngora kѐnѐh. Dayang Sumbi geus apal tianggalna yѐn ѐta tѐh si Sangkuriang anakna sorangan. Kusabab kitu, Dayang Sumbi teu narima ajakan si Sangkuriang nu menta kawin jeung manѐhna. Teu tarima si Sangkuriang di tampik ku wanoja ѐta, akhirna si Sangkuriang ngancam lamun teu bisa kawin jeung manѐhna ѐta wanoja bakal di teuleumkeun ka laut.

Harita Dayang Sumbi teu bisa nolak kusabab si Sangkuriang jeung ajudan-ajudan karajaan lengkep bari marawa tombak jeung pedang, lamun kahayang si Sangkuriang teu diturut lain teu mungkin ѐta tombak jeung pedang bisa nuncleb dina diri Dayang Sumbi.

Dayang Sumbi boga pisarat pikeun si Sangkuriang, pѐk manѐhna bisa dikawin ku si Sangkuriang asal kudu dijieunkeun parahu pikeun manѐhna indit jang bulan madu, dina waktu sapeuting kudu jadi ѐta parahu tѐh. Teu loba ngѐlak deui si Sangkuriang langsung nyanggupan ѐta sarat Dayang Sumbi.

Peutingna si Sangkuriang ngumpulkeun bala tentarana pikeun nyieun parahu, barang wanci maju ka subuh, ѐta parahu geus rѐk anggeus. Si Sangkuriang bungah pisan manѐhna tѐrѐh nganggeuskeun ѐta parahu. Tapi kusabab Dayang Sumbi mah sakti akhirna saacan ѐta kapal rѐngse kabѐh, tuluy kedal weѐh uucapan Dayang Sumbi “Sangkuriang, saѐstuna kuring tѐh indung manѐh, kuring teu bisa kawin jeung anak sorangan, Jadi Batu Siah!”, gleger......!! Dibarѐngan ku sora guludug jeung kilat nu meulah langit, jadi poѐk, tidinya si Sangkuriang di kutuk jadi Batu!.

***

Paribasa Basa Sunda

 Ini merupakan beberapa contoh Paribasa Basa Sunda


1. Amis Budi = Hade budi, teu weleh seuri ka batur.
2. Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok.
3. Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.
4. Ayeum Tengtrem = Senang hate, teu boga kasieun atawa kahariwang.
5. Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan.
6. Beak Dengkak = Geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil.
7. Bengkok Tikoro = Teu kabagean dahareun lantaran elat datang.
8. Beurat Birit = Kedul, hese dititah.
9. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya.
10. Buntut Kasiran = Pedit, koret, hese mere ka batur.
11. Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot.
12. Dogdog Pangrewong = Saukur omongan panambah. (Ngagosip)
13. Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener.
14. Epes Meer = Babari ceurik, babari peunggas harepan.
15. Gantung Denge = teu anggeus anu didengekeun.
16. Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanna kurang.
17. Gede Hulu = Sombong, Adigung.
18. Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum.
19. Gurat Batu = Mawa karep sorangan.
20. Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.
21. Hampang leungeun = Babari neunggeul.
22. Handap Lanyap = Ngomongna hade padahal maksudna ngahina.
23. Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.
24. Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangbibita.
25. Hawara Biwir = Bebeja ka batur samemeh dipigawe.
26. Hejo Tihang = resep pipindahan.
27. Heuras Genggerong = Ngomongna kasar.
28. Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.
29. Indit Sirib = Indit sakulawarga.
30. Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong.
31. Kawas beueuk beunang mabuk = jempe/ ngeheruk teu ngomong.
32. Kawas Anjing tutung buntut = Teu daek cicing.
33. Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin diburuan.
34. Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.
35. Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepika teu nyaho nanaon.
36. Laer Gado = Resep barang penta.
37. Lesang Kuras = Geus teu boga nanaon.
38. Leuleus Awak = Resep barang gawe.
39. Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.
40. Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan.
41. Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.
42. Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep.
43. Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan.
44. Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.
45. Ngegel Curuk = Teu menang hasil.
46. Ngeplek Jawer = Teu boga kawani, sieunan, elehan.
47. Ngijig Sila = Henteu satia.
48. Nyoo Gado = Ngunghak, ngalunjak.
49. Panjang Lengkah = Loba pangalaman.
50. Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan.
51. Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng.
52. Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.
53. Era Paradah = Era ku kalakuan batur.
54. Geulis Gunung = Katingali ti jauhan alus tapi beh dekeut goreng.